Sabtu, 04 Januari 2014

Si Kabayan

Lele Jeung Bubuy Sampeu

Ieu teh dongeng di dongengkeun deui, teu kasusud anu boga caritana. Kieu ceunah. Hiji mangasa Si Kabayan kacida kagetna lantaran waktu ngaguarkeun ruhak di jero hawu jol-jol borengkal bae aya lele, geus asak. Mimitina mah ragu-ragu rek didahar teh. Tapi da yakin lele, cenah. Gel dipotongkeun, celebek didahar. “ngeunah . . . “ cenah.

Isukna geus aya deui lele dina ruhak teh, padahal taya anu meuleum. Si Iteung oge pamajikanana teu rumasa meuleum lele cenah. Tapi, teu loba pikiran, celebek deui weh lele teh didahar.

Harita ditalungtik ka pipir. Sihoreng aya liang ti balong notog pisan ka dapur manehna. Ari lele sokarasup ka jero eta, terus nyelepet ka luhur, pedah aya nu caang-caang. Sup kana ruhak. Atuh kabeuleum, asak we.

Keun atuh ari kieu pasalna mah, ceuk Si Kabayan dina hatena. Tapi balongna teh da anu batur. Bebeja bae kitu ka nu bogana, yen lelena sok arasup ka jero hawu aing? Kitu pikir Si Kabayan. Tapi da lele mah lain pelak. Bae moal geruh Ah! Lumayan unggal isuk aya deungeun kejo hakaneun jang mumuluk, cenah.

Hiji isuk beuki kaget bae Si Kabayan teh sabab waktu ngaguarkeun ruhak neangan lele tea, ana gorehelteh deuih bubuy sampeu sapotong.

“Lakadala, na aya milik,” cenah ceuk hatena. Teu loba omong ka Si Iteung, kedewes bae ngadahar bubuy sampeu anu garing nepi ka rangu.

“Keun ah tungtungna,” ceuk Si Kabayan, bari wel sampeu jeung lele sapotong.

“Ngadahar naon ari Kang Kabayan?” ceuk Si Iteung.

“Hampeu heung yeye. . . “ pokna ngosom.

“Sampeu ti mana?” ceuk Si Iteung.

“Heuing, hi jero hau . . .?” tembal Si Kabayan.

“Saha nu mubuy sampeu, kami mah henteu!” ceuk Si Iteung.

“Heuing heu haho . . , hokna, haya weh. . .” tembal Si Kabayan.

Sanggeus beak sampeu jeung lelena, Si Iteung mah teu diagehan pisan, koreleng Si Kabayan ka pipir. Di dinya aya tangkal sampeu, pelak tatanggana. Terus dikoreh-koreh beutina aya nu panjang nyolocos lempeng ka dapurna, asup ka jero hawuna. Unggal isuk manjangan sampeu teh. Anu manjangan ka jero hawuna asak kabubuy.

“Alhamdulillah! Paingan ceuk Kang Ustad, uteuk tongo walang taga, dirijkian  ku Pangeran teh, ceuk Si Kabayan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar